hayu urang saradia
mengpeng keur hirup dinunya
'amal keur sampereun tea
diakhir moal sulaya
geuning maot ngadodoho
boro sok dipoho-poho
datangna teu merenyaho
ngagertak taya tempo
taya beurang taya peuting
taya raja taya kuring
dimana ajal geus sumping
temeunang tempo anaking
horeng nyawa rejeung badan
nugeus lila babarengan
datang mangsa pipisahan
paturay tineung amitan
lain meureun lain sugan
da ieumah kanyataan
kabeh pasti ngarandapan
geuning awak urang pisan
kaget reuwas mata mencrong
renghap ranjug menggah bengong
nafas ngangsreg na genggerong
nu deket geus tekatembong
horeng ieuteh sakarat
dicabut ku malaikat
nyawa ngangsreg mapay urat
teaya daya keur lumpat
ku renghap nu panganggeusan
pegat sakabeh harepan
ngabengkang taya dayaan
rek kumaha pangharepan
boro mah ker suka bungah
ngatur nafsu seuri bungah
beak tempo kudu pindah
nyamperkeun ka alam barzah
geus waktu ninggalken lembur
menuju ka alam kubur
meungang ngali ges diukur
mahi keur awak sakujur
rek naon anu dibawa
duit tawa sawah lega
menang ngumpul-ngumpul tea
belaan nipu pasea
meungan tisuk-sruk ti dung-dung
nu sok dipake adigung
kana solat matak liwung
waktuna zakat mah embung
ibadah kateler-telar
nepi ka nyanghulu ngaler
lapur badan enggeus komper
ditengah imah ngagoler
ngajelepeng diruruban
diriung ditarungguan
lagadar datang pasaran
montong lila sosonoan
nungariung cingkir miris
nyaah ge bati nglengis
geumper pacampur jeung waas
syetan mah bati mupuas
harta anu ngunung-ngunung
pakean duit satangtung
ngan masih boes asiwung
ditambah kai keur padung
lawang amal geus titutup
hanjakal keur waktu hirup
talangke bet heunteu sanggup
padahal waktu mah cukup
paingan Rosul ngelingan
dunyaa mah pangumbaraan
naha bet kamalinaan
tongge heunte nyubadanan
ati ceurik pikir liwung
imah tiiseun jeung suwung
ngan anak yatim buraung
ting garisik ting rariung
abong poe pangganggeusan
mana bereh rek amitan
ken imah ken pakarangan
gewatken logak ngantosan
pasaran mendung dipayung
tiluhur dirurub rarung
nungiringna semu nguyung
nangkep dada ting kuyungkung
ngaleut ngengkey ngabandaleut
beki deukeut- beki deukeut
beki deukeut- beki deukeut
kana logak rupek heureut
duh geuning enggeus nyangkorah
rup kupadung rup kulemah
poek rupek jeung tegenah
ngarumas .....
ahli sobat kawawuhan
te tolih gancang bubaran
duh saha nurek maturan
gesan cicing babarengan
mana sobat mana dulur
gening buriak kalembur
hente maturan di kubur
sumawon nambahan umur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar