Sekretariat : Kp. Citangtu Rt 01 Rw 09 Desa Citangtu Kec. Pangatikan Kab Garut E-Mail : yayasanarrohmatcitangtu@gmail.com
Laporan Keuangan
Sabtu, 21 April 2018
Yayasan Arrohmat Citangtu
Pepeling
hayu urang saradia
mengpeng keur hirup dinunya
'amal keur sampereun tea
diakhir moal sulaya
geuning maot ngadodoho
boro sok dipoho-poho
datangna teu merenyaho
ngagertak taya tempo
taya beurang taya peuting
taya raja taya kuring
dimana ajal geus sumping
temeunang tempo anaking
horeng nyawa rejeung badan
nugeus lila babarengan
datang mangsa pipisahan
paturay tineung amitan
lain meureun lain sugan
da ieumah kanyataan
kabeh pasti ngarandapan
geuning awak urang pisan
kaget reuwas mata mencrong
renghap ranjug menggah bengong
nafas ngangsreg na genggerong
nu deket geus tekatembong
horeng ieuteh sakarat
dicabut ku malaikat
nyawa ngangsreg mapay urat
teaya daya keur lumpat
ku renghap nu panganggeusan
pegat sakabeh harepan
ngabengkang taya dayaan
rek kumaha pangharepan
boro mah ker suka bungah
ngatur nafsu seuri bungah
beak tempo kudu pindah
nyamperkeun ka alam barzah
geus waktu ninggalken lembur
menuju ka alam kubur
meungang ngali ges diukur
mahi keur awak sakujur
rek naon anu dibawa
duit tawa sawah lega
menang ngumpul-ngumpul tea
belaan nipu pasea
meungan tisuk-sruk ti dung-dung
nu sok dipake adigung
kana solat matak liwung
waktuna zakat mah embung
ibadah kateler-telar
nepi ka nyanghulu ngaler
lapur badan enggeus komper
ditengah imah ngagoler
ngajelepeng diruruban
diriung ditarungguan
lagadar datang pasaran
montong lila sosonoan
nungariung cingkir miris
nyaah ge bati nglengis
geumper pacampur jeung waas
syetan mah bati mupuas
harta anu ngunung-ngunung
pakean duit satangtung
ngan masih boes asiwung
ditambah kai keur padung
lawang amal geus titutup
hanjakal keur waktu hirup
talangke bet heunteu sanggup
padahal waktu mah cukup
paingan Rosul ngelingan
dunyaa mah pangumbaraan
naha bet kamalinaan
tongge heunte nyubadanan
ati ceurik pikir liwung
imah tiiseun jeung suwung
ngan anak yatim buraung
ting garisik ting rariung
abong poe pangganggeusan
mana bereh rek amitan
ken imah ken pakarangan
gewatken logak ngantosan
pasaran mendung dipayung
tiluhur dirurub rarung
nungiringna semu nguyung
nangkep dada ting kuyungkung
ngaleut ngengkey ngabandaleut
beki deukeut- beki deukeut
beki deukeut- beki deukeut
kana logak rupek heureut
duh geuning enggeus nyangkorah
rup kupadung rup kulemah
poek rupek jeung tegenah
ngarumas .....
ahli sobat kawawuhan
te tolih gancang bubaran
duh saha nurek maturan
gesan cicing babarengan
mana sobat mana dulur
gening buriak kalembur
hente maturan di kubur
sumawon nambahan umur
Jumat, 06 April 2018
Sekilas Pandang Yayasan Arrohmat Citangtu
Lahirnya figur generasi yang tangguh, dan berakhlak mulia serta memiliki kepekaan sosial yang tinggi menjadi dambaan kita semua. Namun melihat kondisi saat ini tentulah tidak mudah, disebabkan para generasi yang sudah mulai jauh dari Nilai-Nilai Akhlakul Karimah, sehingga mereka malas untuk mendalami pengetahuan tentang Islam, yang akhirnya orentasi hidup mereka adalah sekedar mencari uang semata. Melihat dan menyaksikan begitu hebatnya zaman ini yang akhirnya menyebabkan banyak anak-anak yang tidak dapat menikmati pendidikan dikarenakan para orang tua mereka tidak mampu membiayai pendidikannya.
Menyikapi kondisi tersebut diatas, kami mencoba untuk dapat berbuat sesuatu yang dapat dirasakan generasi saat ini. Pada tanggal 14 Maret 2018 disebuah pedesaan kami mendirikan sebuah lembaga sosial dan pendidikan yang kami berinama Yayasan Arrohmat Citangtu
Lirik Syair Lam Yahtalim Qottu Thoha
لَمْ يَحْتَلِمْ قَطُّ طَهَ مُطلَقًا أَبَدًا وَمَا تَثَاءَبَ أَصْلاً فِی مَدَی الزَّمَنِ مِنْهُ الدَّوَّابُ فَلَمْ تَهْرَبْ وَلَمْ وَقَ...
-
بسم الله الرحمٰن الرحيم Ari puji nu sampurna eta tetep Kagungan Allah nu kapershifat lengkep Rohmat Allah mugi tetep sareng salam Di je...
-
لَمْ يَحْتَلِمْ قَطُّ طَهَ مُطلَقًا أَبَدًا وَمَا تَثَاءَبَ أَصْلاً فِی مَدَی الزَّمَنِ مِنْهُ الدَّوَّابُ فَلَمْ تَهْرَبْ وَلَمْ وَقَ...
-
Nadom Sunda Rundayan kangjeung Nabi Wajib ka jalma islamna Uninga rundayanana jeung nabi utusan Alloh Muhamad puteara Abdulloh Abdulloh pu...