بسم الله الرحمٰن الرحيم
Ari puji nu sampurna eta tetep
Kagungan Allah nu kapershifat lengkep
Rohmat Allah mugi tetep sareng salam
Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam
Wa b'aduhu iyeu anu dinadzomkeun
Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at geude
Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe
PasaL MERTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil ti bumi ti langit
Meunang dipake susuci najan pait
Kaya ibun cilaut sumur wahangan
Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta cai geus dipake
Miceun najis hadats leutik hadats geude
Maka eta suci tapi teu nyucikeun
Mun teu robah ku najis anu dipiceun
Deui cai robah sebab kacampuran
Barang suci kaya cai dientehan
Henteu jadi naon-naon cai robah
Sebab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik mun kanajisan
Jadi najis najan teu robah teu naon
Sejen lamun cai geude kanajisan
Mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe
Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun cai na masih panas
Dina wadah nu dipalu lian emas
Deui makruh cai kacida panas na
Cara makruh cai kacida tiis na
Ngaran cai saeutik nu henteu aya
Tila ratus puncul lima kati jawa
Lamun cukup beurat tilu ratus lima
Disebut na cai geude ku Ulama
Lamun wadah pasagi sa asta leuwih
Saparapat eta cai geude deuih
Pasal MERTELAKEUN NAJIS
Sakur 'ain bijil tina qubul dubur
Eta najis lian mani nu ditutur
Anjing babi arak bangke geutih nanah
Bulu bangke tulang ceker na jeung utah
Anging bangke jalma simeut lauk cai
Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari reuhak ciduh leho korong cileuh
Eta lain najis tapi barang geuleuh
Anggahota pisah tina sasatoan
Anu hirup hukum bangke sato hewan
Anging bulu sato hewan nu didahar
Jeung ciduh na kesang kasturi teu samar
Fasal NGABERSIHKEUN ANU NAJIS
Suci lamun jadi cuka eta arak
Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng babi
Tujuh kali make taneuh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung babi
Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali
Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi
Ku disamak eta kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul geutih raheut
Dihampura mun saeutik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan
Teu katingal ku tingali pertengahan
Ari ci kiih budak lalaki anu
Acan umur dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar lian susu
Cukup dikepretan cai tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali
Ngaliwatkeun cai kana tempat tadi