Laporan Keuangan

Donatur

Jumat, 11 Mei 2018

Nadom sunda Piqih

بسم الله الرحمٰن الرحيم

Ari puji nu sampurna eta tetep
Kagungan Allah nu kapershifat lengkep
Rohmat Allah mugi tetep sareng salam
Di jeng Nabi Muhammad mustika 'alam
Wa b'aduhu iyeu anu dinadzomkeun
Kitab fiqih ngarah resep ngarapalkeun
Mugi iyeu nadzom sing manfa'at geude
Ka nu ngaos ka lalaki ka awewe

PasaL MERTELAKEUN CAI

Sakur cai bijil ti bumi ti langit
Meunang dipake susuci najan pait
Kaya ibun cilaut sumur wahangan
Hujan buah ciburial jeung cihujan
Anging lamun eta cai geus dipake
Miceun najis hadats leutik hadats geude
Maka eta suci tapi teu nyucikeun
Mun teu robah ku najis anu dipiceun
Deui cai robah sebab kacampuran
Barang suci kaya cai dientehan
Henteu jadi naon-naon cai robah
Sebab cicing atawa kayu di kulah
Ari cai saeutik mun kanajisan
Jadi najis najan teu robah teu naon
Sejen lamun cai geude kanajisan
Mun teu robah eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe
Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun cai na masih panas
Dina wadah nu dipalu lian emas
Deui makruh cai kacida panas na
Cara makruh cai kacida tiis na
Ngaran cai saeutik nu henteu aya
Tila ratus puncul lima kati jawa
Lamun cukup beurat tilu ratus lima
Disebut na cai geude ku Ulama
Lamun wadah pasagi sa asta leuwih
Saparapat eta cai geude deuih

Pasal MERTELAKEUN NAJIS

Sakur 'ain bijil tina qubul dubur
Eta najis lian mani nu ditutur
Anjing babi arak bangke geutih nanah
Bulu bangke tulang ceker na jeung utah
Anging bangke jalma simeut lauk cai
Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari reuhak ciduh leho korong cileuh
Eta lain najis tapi barang geuleuh
Anggahota pisah tina sasatoan
Anu hirup hukum bangke sato hewan
Anging bulu sato hewan nu didahar
Jeung ciduh na  kesang kasturi teu samar

Fasal NGABERSIHKEUN ANU NAJIS

Suci lamun jadi cuka eta arak
Ku sorangan najan dipoe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng babi
Tujuh kali make taneuh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung babi
Lamun leungit 'ain cukup ku sakali
Tapi utama na ngumbah tilu kali
Najan najis leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi
Ku disamak eta kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul geutih raheut
Dihampura mun saeutik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan
Teu katingal ku tingali pertengahan
Ari ci kiih budak lalaki anu
Acan umur dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar lian susu
Cukup dikepretan cai tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali
Ngaliwatkeun cai kana tempat tadi

Rabu, 09 Mei 2018

Nadom anak adam

Anak adam ajeun di dunya ngumbara
   Umur anjeun di dunya teh moal lila

               Anak adam umur anjeun teh ngurangan
                Saban poe saban peuting teh ngurangan

                  Anak adam anjeun paeh teh nyorangan
                  Cul anak cul salaki cul babarangan

             Anak adam paeh euweuh nu di bawa
             Ngan asiwung jeung boeh anu di bawa

                  Anak adam pasaran teh lolongseran
                  Saban poe saban peuting geugeuroan

             Anak adam anjeun kaluar ti imah
             Digarotong dina pasaran nu geunah

                 Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
                 Rup ku padung rup ku leumah abdi sieun

             Anak adam di kubur teh leuwih poek
             Nu nyaangan di kubur teh maca Quran

                 Anak adam paeh anjeun di takonan
                 Malaikat munkar nakir nu nakona

             Anak adam mun teu bisa ngawalona
             Ka malaikat nu dua nu nakona

                 Anak adam tangtu keuna eta gendir
                 Paneunggeul na malaikat munkar nakir

             Anak adam lamun amal urang alus
             Eta tangtu di kubur teh leuwih mulus

                 Anak adam sing garetol maca Quran
                 Pidamareun di kubur teh maca Quran

            Anak adam kaluar ti alam barzah
            Waktuna teh dina saba'da kiamat

                Nyaeta dina tiupan nu kadua
                Nu di ngaranan patiupan  baas tea

            Anak adam urang sanggeus di hirupan
            Tuluy di giring kana tempat landerotan

               Pirang pirang aleutan nu rupa rupa
               Sakumaha waktu hirupna di dunya

            Anak adam aya anu rupa bagong
           Waktu hirup di dunya na teh bedegong

              Anak adam waktu anjeun keur ditimbang
              Mun beurat ka kenca tangtu kana jungktang

            Kitu deui lamun beurat ka katuhu
            Eta meunang ka bungahan anu tangtu

              Dulur dulur abdi sakieu wasilah
              Pamugi ieu nadoman janteun hikmah.......
Mangga lajeungkeun

Lirik Syair Lam Yahtalim Qottu Thoha

لَمْ يَحْتَلِمْ قَطُّ طَهَ مُطلَقًا أَبَدًا وَمَا تَثَاءَبَ أَصْلاً فِی مَدَی الزَّمَنِ مِنْهُ الدَّوَّابُ فَلَمْ تَهْرَبْ وَلَمْ وَقَ...